Assalamualaikum Wr.Wb.
Dina ieu waktos ngenalkeun sim kuring Fathurullah Reksawinata
Sakola di SMAN 9 Bogor kelas 11 IPA 6
bade masihan salah sahiji conto biografi dina basa sunda.
Mamah Nu Dipika Deudeuh
Wasta
ibu abdi nyaeta Dewi Sufiati. Dibabarkeun di Bogor kaping 10 Nopember 1972. Ibu
Ramana netep di kota kembang. Pun nini namina hjh. Neneng Ratna bin Kh. Tb
Falaq. Aki abdi namina Edie sujana bin Rahana. Anjeunna putra pang bontotna ti
tilu saderek. Islam nyaeta agama nu dianutna.
Anjeunna ayeuna saurang Ibu rumah
tangga mung kantos pidamel di salah sahiji parusahaan di Bogor anu bergerak di
bidang komputer. Ngawitan sakola anjeunna di SD Purbasari III, SMP PGRI II
Arjuna, teras ngalanjut ka SMKK Negeri Bogor. Anjeunna teu dugi ngalanjutkeun
ka perguruan tinggi, kumargi saparantos lulus tos aya nu nawisan padamelan teu
sapertos raka rakana anu ayeuna ngaulang di salah sahiji uneversitas di Bandung.
Mung ku kituna anjeunna teh tara
hilap manjatkeun syukur ka gusti Allah SWT. Anjeunna ibu anu sakitu perhatosan
ka ibu ramana, caroge sareng ka putrana nyaeta abdi. Aya salah sahiji kaunikkan
anu dipika gaduh ku anjeunna, nyaeta resep kana kasenian khususna tiasa ngamaenkeun
alat musik diantawisna gitar. Kukituna
anjeunna teh aktip di lingkungan satempat. Anjeunna di mata abdi mangrupi
malaikat nu teu sayapan kusabab ngalindungi, ngarawatan, jeung nerapkeun
akhlakul karimah supados abdi janten jalma nu guna bagi agama, sepuh, nusa,
jeung bangsa.
Ayah
Nu Hebat
Wasta bapa abdi nyaeta Muhamad Arsya. Anjeunna babar kaping 24 Desember 1970.
Hiji kota anu kasohor kota hujan. Dibabarkeun sareng Muhamad Arsya nyaeta
pamasihan sepuhna Ari Wijaya Bin Asim, sareng Ibuna Anah. Islam nyaeta agama
anu di anutna.
Ti alit anjeunna hirup prihatin kaayaan tingkat parekonomianna cekap. Kumargi
sepuhna Pegawai Negeri Sipil (PNS). Sareng gaji anu teu patos ageng kedah
ngabiayaan salapan putrana, kukituna teu hiji pisan pala putrana ngalanjutkeun
pendidikan ka perguruan tinggi, kaasup anjeunna. Kukituna teu aya hiji mana oge
anu rumaos bendu malah mah ngaraos bersukur tiasa ngarasakeun pendidikan SMA.
Anjeunna ngawitan sakola ti SD Batutulis III Bogor, teras ngalanjut ka SMP
Saptamarga Bogor dugi ngalanjutkeun ka SMA Mimpresdam Bogor.
Kanggo ngengengkeun panghasilan nyalira anjeunna nyoba milarian padamelan di
rupi rupi parusahaan. Alhamdulillah tina sakitu lamaran anu di kirimkeun
Anjeunna ngengngengkeun panggilan tes lebet damel di Departemen Kahutanan di
Bogor tepatna Janten POLHUT.
Bapa abdi nyaeta sosok anu tekun sareng sumanget dina damel, kabukti dina
sadaya kerja kerasna dina damel anjeunna ngengngengkeun prestasi dina karir
mung teu ngajantenkeun anjeunna agul, malah mah makin sumanget damel disarengan
sukur ka gusti Allah SWT. Di tempat damelna anjeunna gaduh julukan Mayor Arsya.
Sanaos sibuk kana padamelanna anjeunna tara hilap ka istri sareng putrana.
Didikan anu di pasihkeun kana putrana ku anjeunna henteu nepi keras mung
disiplin.
Anjeunna tangtos masihan parhatian sareng kanyaah nu langkung ka kaluargina,
ngadukung putrana, nepi ka kaponakan kaponakanna, tina sagala hal anu positip.
Osok nulungan saha wae sareng masihan pasilitas anu pang saena kanggo kaluargi.
Sosok ayah nyaeta sosok anu luar biasa.
Mung Sakitu anu tiasa abdi
sampaikeun, hatur nuhun kana parhatosanna
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar